Paanggang asa lalewang
Teu tepang hate lonkewang
Panjutan nu dipiheman
Tuh weleh kabayang bayang
Mungguhing ari kacinta
Teu anggang tina curiga
Sok inggis panutan rasa
Sulaya henteu satia
Pipikiran kumalayang
Keur anu nandang kasmaran
Lamunan anteng gumawang
Keur anu nyorang kasmaran
Harepan jeung kabagyan
Anu ngajadi udagan
Mugia sing tinekanan
Lain saukur impian