Batan nganggur mending cara batur
Nyoba usaha dagang sora
Goreng jeung alus nomer dua
Anu penting na mah kuring nyoba
Mugi-mugi jalma baroseneun
Ku loba lagu anu ngeunaheun
Sing papaheula panasaran
Meuli sora kuring nu pas-pasan
Sabab gede pisan mangpaatna
Batan meuli barang nu teu guna
Mangka sing gancang geura boga
Lumayan batan katabrak beca
Kahayang ngalamar ka kantoran
Tapi sok tara aya lowongan
Nu aya ge malah di kurudan
Komo anu keur ngamimitian
Nyoba usaha jual-beli
Loba ngajual batan meuli
Nginjem duit modal usaha
Teu dibere da euweuh borahna
Mending ge milih ngembangkeun bakat
Najan bakatna,bakat ku butuh
Ti batan kuring barang penta
Mending dagang sora bari maksa
Cita-cita hayang jadi doktor
Najan ngodok nu kotor-kotor
Komo mun nu dikodok na bahenol
Lumayan najan leutik honor
Lantaran tara aya bejana
Doktor anu hirup na sangsara
Teu cara dukun anu di lembur
Saeutik gawe lobana nganggur
Mangka jadi jalma kudu pinter
Ngarah heunteu gampang kabalinger
Neangan gawe pasti teu sulit
Komo lamun dibarengan duit
Batan nganggur mending cara batur
Nyoba usaha dagang sora
Goreng jeung alus nomer dua
Anu penting na mah urang nyoba
Mugi-mugi jalma baroseneun
Ku loba lagu anu ngeunaheun
Sing papaheula panasaran
Meuli sora kuring nu pas-pasan
Sabab gede pisan mangpaatna
Batan meuli barang nu teu guna
Mangka sing gancang geura boga
Lumayan batan katabrak beca