Lirik Lagu Sunda Neneng by Yana Kermit.
Neeng hate sok teu puguh rasa,
Pami sono ka salira,
Nu geulis kembang katresna.
Nee neeng sanajan urang pa anggang,
Silih peunteung ka hariwang,
Duriat teu weleh nganjang.
Na amparan raga ngagedur rasa ka cinta,
Nu moal rek cacat nepi ka akhir dunya.
Na sagara cinta mengkeut pageuh dua
Rasa didinya urang nyanding duaan salamina.
Beurang na lamunan mun peuting dina impian
Teu wueleh ngagoda ngahias amparan rasa,
Nyanding dina dada mung aya hiji salira
Keur salamina