Lirik Lagu Bulan Ramadhan by Fanny Sabila.
Dua belas bulan
Di tahun hijriah
Aya hiji bulan
Anu pinuuh kaberkahan
Bulan nu ka salapan
Nu katelah bulan ramadhan
Bulan agung pikeun urang
Umat nabi akhir zaman
Hayu dulur dulur
Nu saiman
Urang laksanakeun
Parentaaah na pangeran
Puasa reujeung sholatna
Tong hilap zakat fitrahna
Merdih ridhona pangeran
Lailatul qodar jadi harepan
Bulan ramadhan
Bulan nu pinuh ampunan
Leubeut reumbeuy ku ganjaran
Anugrah nu maha wenang
Di bulan ramadhan
Mugi sing kengeng kabagjan
Lailatul qodar jadi udagan
Ganjaran sarebu bulan
Mugi urang sadaya
Kengeng ridho mantena
Kasaean mungguh di dunya
Dugi ka akherat jaga
Hayu dulur dulur
Nu saiman
Urang laksanakeun
Parentaaah na pangeran
Puasa reujeung sholatna
Tong hilap zakat fitrahna
Merdih ridhona pangeran
Lailatul qodar jadi harepan
Bulan ramadhan
Bulan nu pinuh ampunan
Leubeut reumbeuy ku ganjaran
Anugrah nu maha wenang
Di bulan ramadhan
Mugi sing kengeng kabagjan
Lailatul qodar jadi udagan
Ganjaran sarebu bulan
Mugi urang sadaya
Kengeng ridho mantena
Kasaean mungguh di dunya
Dugi ka akherat jaga