Lirik Lagu Sunda Halangan Diri by Nina Ayu Susanti (Cipt. H. Dose Hudaya).
Na kunaon sagala rupa
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan
Kamudahan bet ngabalieur
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha, naha kunaon
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan, kangeunahan
Ngumbar-ngumbar larangan
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meuni panjang
Sapanjang jalan karéta
Aduh gusti, aduh gusti
Kumaha ngénténgkeunnana
Aduh gusti, aduh gusti
Kumaha ngabébaskeunna
Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Nginget-nginget laku lampah
Ninggang salah jeung salah
Haté anu meurih, haté nu ngajerit
Kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageter ngedalkeun rasa jiwa
Ampun ampun duh gusti
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan, kangeunahan
Ngumbar-ngumbar larangan
Boa-boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar meuni panjang
Sapanjang jalan karéta
Aduh gusti, aduh gusti
Kumaha ngénténgkeunnana
Aduh gusti, aduh gusti
Kumaha ngabébaskeunna