Lirik Lagu Fiksi - Reuneuh Tiheula

Lirik Lagu Sunda Reuneuh Tiheula by Fiksi.

Naha pan anyar kénéh kawinna?
Naha jol gedé deui beuteungna?
Naha karék kamari hajatna
Jol ngupdate sehat utunna

Naha hajatna teu raraméan?
Naha hajatna euweuh dangdutan?
Siga anu euweuh persiapan
Siga nu serba dadakan

Cenah mah manéhanana
Kawina teu kahaja
Cenah mah kawina gara-gara
Reuneuh tiheula

Reff :

Beuki dieu beuki loba anu bobogohan
Kikituan geus jadi kabiasaan
Duduaan ngahaja ngontrak di kosan
Atawa ngahaja nyéwa penginapan

Beuki dieu beuki loba anu kasétanan
Iiluan ku lingkungan jeung tontonan
Panasaran,mun manéhna teu nyobian
Ngakibatkeun leungitna ka imanan

Naha siga nu euweuh ka éra
Naha siga anu geus biasa
Naha siga geus jadi budaya
Siga teu sieun ku dosa

Lyrics
LyricsUpdate Lirik Lagu terbaru dan populer saat ini, dengan berbagai genre diantaranya Dangdut, Koplo, Pop, Indo, Slowrock, KPop, dll. Lagu lagu dari berbagai adat dan suku daerah Indonesia (Aceh, Bali, Batak, Karo, Dayak, Jawa, Minang, Melayu, Osing Banyuwangi, Sunda, Tarling, dsb) hingga manca negara.